Tepas Payun Informasi WIFI BuanaNews Info AdsBoom

Friday, June 5, 2009

Jeung Manehna (hanca)

Panonpoe Saptu surup teh beh kulon, hibar layung nyaangan sabudeureun kota Sumedang, teu lila ngong sora adzan Maghrib ti Mesjid Alun - alun Kota Sumedang, aweuhanna kadenge kamamana, wajar apanan make 'pengeras suara', teu lila silih tempas ti kaler tikulon, wetan jeung kidul oge, pada raong adzan.

Kalacat Rina kana angkot warna coklat 04 jurusan Ciakar - Cileunyi, sapanjang jalan katembong poek mongkleng, maklum Saptu eta listrik ker pareum, nya basa ngaliwat ka hareupeun Pendopo Kabupaten Sumedang anu biasana hibar ku lampu hias teh, haritamah poek, paling di salahsihiji tempat aya caang tina lamputeh.

Mobil nu ditumpangan ku Rina teh Sabada ngaliwatan Pendopo Kabupaten, nepi ka hareupeun Polres Sumedang, reg mobil teh eren.

Ret Rina, sababaraha kali ngareret kana weker anu meulit dina leungeun kencana, teu karasa geus sajam leuwih Rina, dina jero mobil. Diluar katempo Supirna keur uplek ngoborol jeung tukang tahu.

Geregetmah mana taku, tapi dalah dikumaha dan naek kendaraan umummah geus lumrah model kitu teh.

Calomah nya calo, trus ngarayu kanu ngaliwat, tapi da edas nu ngaliwat ditanyateh boro - boro nembalan, ngajawab ge heunteu, nongtoyod we siga nu sieun, nya atuh terus di tuturkeun ku calo, di asong-asong tarif murah jeung rea - rea deui.

"Kang ieuteh lami keneh ..." Ceuk Rina semu nu kesel, kaluar tina angkot, trus sup ka tukang tahu, leungeun katuhuna bari tutunjuk milihan tahu nu rek dibeulina.

"Ke neng kedap deui, kagok atuh da saurangmah ..." Ceuk si Supir, bari am, nyamuilkeun tahu, krek, ngegel cengek.

"huwah ... huwah ..., kang cai kang ... sialan cengekteh lada" Ceuk si Supir bari seuseuhan.

Rina ngan ukur mesem.

"Tah, mun angkat titadimah kang, moal mereun kaladaan ku cengek"
"Ah, lada soteh neng pedah bieu di gegel ku akang, da lamun dianteupkeun mah moal dilada"pokna teu kireum - kireum, bari krek deui ngagegel.

"Nurustunjung!" ceuk Rina na jero hate.
"Sabaraha mang, sadayana?!"Pokna ka Tukang Tahu.
"Sapuluh rebueun neng ..." Sor Rina ngasongkeun salamabar duit saratus rebu.
"Euh, neng tong ageung - ageung teuing atuh, teu aya pamulangannana"
"Ke atuh", kusiwel Rina ngaluarkeun dompet tina kantong nu dijinjingna sor ngasokeun salambar duit.

***

Dihiji Tempat, aya nonoman kasep jangkung alit, lir siga hayam nu ker ngendog ngan lok deui lok deui kaluar.
"Naha lami nya pa Rina teh uihna, emang sareng sareng saha kasumedangna"Ceuk eta pemuda.
"Duh eta puguh cep Dadan, Rina teh ari tidieunamah duaan ngan nu saurang deuimah urang Cimalaka"
"Atuh nyalira uihna, mun kitumah ku abdi di susul we kana motor pa?"
"Entong Cep Dadan, da nembe teh tos aya sms kadieu saurna nuju dina angkot"

Cag ah ... kumaha salajeung carios Rina jeung Dadan teh, mangga urang lanjeungkeun dina kaca nu salajengna ...

No comments:

Post a Comment

Silakan berikan komentar anda pada blogs saya ini, baik berupa kritik, saran, sesuai dengan tema yang anda baca saat ini

Salam
Igun Gunawan

About Me

SubscribeRecent Posts

SubscribeHot Links

Archive

Live Traffic Feed