Dadan beuki teu geunah hate geus jam salapan, Rina masih keneh can katembong, sababaraha kali ditelpon, ngan dijawab ku operator "Nomor Yang Anda Tuju Sedang Berada Diluar Jangkauan ...".
"Duh, nya kamana Rinateh cep Dadannya, tadi basa maghrib ngasms ka bapakteh, tos naek angkot ceunah, nyiar - nyiar pikameulangeun wae budakteh" Ceuk bapakana Rina ditepas Imah, bari Regot nginum Cikopi, Ari Dadan nu diajak ngawangkong siga nu ngalamun, siganamah mikiran Rina kakasih ati nu can keneh nepi ka imah.
"Atuh apana, ceuk Umimah, mening ijinan we cep Dadan, nyusulan, umimah jadi melang ieutuh bisi kumaonam" Ceuk Umi, anu titadi lalajo Sinetro Dewi di RCTI.
"Enya, pa. Abdi ge melang ieuteuh, lamun dua-anmah teu meulang teuing."Ceuk Dadan.
"Nya atuh, tapi ati - ati cep, ngajalankeun motorna tong tarik - tarik teuing ..."
"Nya pa Moal"Jawab Dadan, anu memang titataditeh keneh geus singkil rek nyusul Rina, ngan kahulag ke Bapakana.
Dius, weh arah wetankeun. Dadan ngajalankeun motorna lir ibarat panah leupas tina busurna, lamun dina bohongnamah ngajalankeunnateh siga Valentino Rossi, pas bras ka daerah Cadas Pangeran ti kajauhan keneh kadenge sora sirene, beuki deukeut, disisi jalan ngagimbung jalma.
Hate Dadan ngadadak Rantug, disusul ku panasaran, Dadan ngereunkeun motorna, ngan kulantaran dina posisi tarik nya atuh soranateh ckiiiiiiiiiiiiiiiiiiiiit.
"Yeh atuh jang ngajalankeun motor teh tong tarik - tarik teuing, siga gaduh nyawa 10 wae"Ceuk hiji pemuda ngagebes, kulantaran tadi rek katabrak ku Dadan.
"Duh Punten kang!, rusuh abditeh nuju nyusulan ieu ge ..."pokna bari muka helm.
"Arie ieu aya naon kang?!"
"Eta Supir angkot nabrak, pembatas jalan, tuh layonan di sisi jalan dituruban ku daun cau"
"Aya penumpangna, kang?"Ceuk Dadan beuki rewas, tur na hatemah ngado'a ka Allah SWT mudah - mudahan rina teu nananon.
"Mang Jumad, ari tadi dijero angkot, aya penumpangna"tanya eta pemuda ka hiji lalaki nu sebut Jumad.
"ke, asanamah teu aya Jang Suhro!", jawabna.
Renghap, Dadan ngarenghap gumbira.
"Ari tadi pan dua'an nu dibawa ku ambulanteh"Ceuk Suhro.
"Asanamah, etamah Sijalu nu ker nongkrong?"Ceuk Kang Jumad.
"Aya kang ... na angkot aya penumpangan, kuring anu ngangkat ka Ambulance na oge, asanamah awewe, tuh tahuna ge ngalayah ..."
"Eh, enya bener, Jang. aya ketang panan duaan nu di ka Ambualnce keun teh, Si Jalu jeung eta awewe".
Leukeuteuy, hate Dadan ngalekeueteuy. Tapi teu kituna, na jero hatena boa lain Rina si Pamatri hatena.
"Ciri - cirina eta wanoja kumaha kang ?"
"Make baju bodas, kudung bodas, jang!" Leng Dadan ngahuleung, inget ka omongan Bapana Rina yen Rina teh kasumedang make Baju Bodas ari dikudungmah emang tiap poe oge sok dikudung, maklum Istri anu sholeh.
"Ari raraynya kumaha, eta siga Cinta Laura teu kang?" Ceuk Dadan hayang jentre.
"Minggir ... minggir", tiba - tiba aya polisi nyingkirkeun maranehna masang Garis Polisi di sisi jalan.
"Ini Motor Siapa, Mohon di Jauhkan dari TKP"Pokna, trus Dadan, nungtun motorna rada jauh ti eta tempat, na jero hatena, pikeun maluruh eta wanoja anu katabrak teh kudu ka Rumah Sakit Sumedang. Tapi bener di Rumah Sakit Sumedang? Ah, mending meh teu panasaran kudu indit ka Rumah sakit, gerentes hatena.
Sabada eta ngan dius we Dadan nyemprungkeun deui motorna.
Reg, pas hareupun Unit Gawat Darurat RS Sumedang, katembong jalma - masih ngagimbung, malahanmah aya liputan langsung ti salah sahiji tv swasta.
Dadan langsung nanya ka Recepsionist, leukeuteuy deui hate dadan ngaleukeuteuy, sabada ngadenge ciri - ciri eta wanoja teh persis jeung Rina.
"Dimana ayeuna, kumaha kondisina bu?"tanyana.
"Ada Diruang UGD pa, sebelah barat, masuk aja dari pintu sini" jawab resepsionis. Teu sigana bari lumpat Dadan muru ruang UGD, barang anjok ka hareupeun ruang UGD, ti jero ruangan UGD kaluar DOkter, Dadan teu sirikna ngagabrug ka eta Dokter.
"Pa Dokter, kumaha Rina Kondisina, Pak ..."
"Rina?... Rina Siapa ya pa?"
"Itu Pasien yang barusan tabrakan di Cadas Pangeran ..."
"O. Bapak masih keluarganya, itu lagi ditungguin ama Orangtuanya di Dalam"
"Orangtuanya?!" Dadan Rada ngahuleng, maenya Bapak jeung Umi Rina leuwih cepet ngalongok.
Teu lila kaluar, awewe satengah tuwuh.
"Tuh, pa Ibunya Rina Keluar, ni bu keluarga Ibu, maaf pa saya harus ke Ruangan Dulu ..."Pokna bari leos deui indit.
Dadan jeung eta awewe silih pelong, bagun nu sarua heran.
"Ujang teh saha tea"
"Abdi Dadan bu?"
"Dadan... Dadan Urang mana?!"
"Tanjungsari bu, ari nu tabrakan teh saha bu, putra Ibu, namina saha ?"
"muhun" Walonna, bari carinakdak
"Ngaranna Rima"
"O", ngan kata eta nu ka ucapkeun ku Dadan harita, teu lila, ka rasa pesak sakuna ngageter.
Deg, inget HP ti Tanjungsarikeneh di Silent.
Ditempo di layar, RINA MEMANGGIL ...
"Halo Rin, tadi rina kamanaheula ..."
"Ih, ari Aa Dadan, Basa Aa Angkat teh rina ningal Aa ngajalankeun motor meni tarik, ku Rina Disauran teu ngadangu, trus ku Rina, di bel, teu diangkat, eta akang, malam mingguan Dimana ...."
"Sial, Rin. Akang malam mingguan di RS Sumedang, Suganteh da Rina Cilaka."
"Ih Nau'udzubillah, kang. Enggal atuh uih, atawa mendakan nu herang didinya ..."
"Enya aya ..."
"Awas we ..." Ceuk RIna
"Kela can beres, aya nu herang, cai inpus, heheheh ...."Ceuk Dadan Seuri, nyeungserikeun caritana.
|
|
About MeSubscribeRecent PostsSubscribeHot LinksArchiveLive Traffic Feed |


Igun Gunawan lahir di Sumedang Putra Bungsu Pasangan Ibu Emah dan Bapak Maman Suherman, Aktif Sebagai Seoarang WebDeveloper dan mengelola Maulana Mandiri Primasejahtera yang didirikannya tahun 2006.




No comments:
Post a Comment
Silakan berikan komentar anda pada blogs saya ini, baik berupa kritik, saran, sesuai dengan tema yang anda baca saat ini
Salam
Igun Gunawan